1 Babad 5
Ari Rubin, putra Yakub anu cikal, ku sabab ngajinahan parekan ramana, kacikalanana dicabut diselehkeun ka Yusup.
Parandene kitu ari kaom anu pangkawasana mah kaom Yuda, nepi ka aya anu jadi gegedug ngawasaan sakabeh kaom lianna.
Rubin putra Yakub anu cikal putrana opat: Hanok, Palu, Hesron jeung Karmi.
Ieu turunan Yoél, masing-masing nurutkeun jamanna: Senaya, Gog, Simei, Mika, Raya, Baal jeung Bera. Bera, kapala kaom Rubin ditangkep ku Tiglat Pileser raja Asur, terus diboyong.
(5:4)
(5:4)
Urang kaom Rubin anu jaradi pamingpin golongan masing-masing nya eta: Yiel, Jakaria
jeung Bela bin Asas bin Sema; eta pamingpin warga Yoél. Ieu warga maratuhna di Arur jeung di wewengkon anu pernahna ti dinya ngaler nepi ka Nebo jeung Baal Meon.
Ka wetanna maratuhna di tanah Gilad nepi ka sisi wetan gurun keusik anu tuluyna ka Walungan Eprat. Ingon-ingonna kacida lobana.
Jaman Raja Saul, kaom Rubin merangan jeung ngelehkeun urang Hagri nepi ka beak, tanahna nya eta wewengkon Gilad wetan diandih.
Kaom Gad maratuhna kalereun kaom Rubin, di tanah Basan terus ngetan nepi ka Salka.
Anu maratuhna di Basan, golongan anu pangpentingna dikapalaan ku Yoél. Golongan penting anu kadua dikapalaan ku Sapam. Golongan-golongan sejenna dikapalaan ku Yanai jeung Sapat.
Jelema-jelema sejenna ti kaom Gad, eta kaasup ka tujuh golongan ieu: golongan Mikael, golongan Mesulam, golongan Seba, golongan Yorai, golongan Yakan, golongan Siha, golongan Eber.
Asal tumurunna ti Abihail bin Huri. Ari karuhunna lamun dijujut mundur nya eta: Abihail, Huri, Yaroah, Gilad, Mikael, Yesisai, Yahdo jeung Bus.
Ieu golongan-golongan dikapalaan ku Ahi bin Abdiel bin Guni.
Maratuhna di Basan jeung Gilad, boh di kota-kota, boh di pilemburan jeung di tanah-tanah sampalan di Saron.
(Sajarah maranehna disusunna mimiti ti jaman Raja Yotam ngarajaan nagara Yuda jeung Raja Yarobam ngarajaan nagara Israil.)
Kaom Rubin, kaom Gad jeung kaom Menase Wetan boga 44.760 prajurit anu geus asak latih, tabah ngagunakeun kepeng, pedang jeung jamparing.
Seug merangan urang Hagri, nya eta kaom Yetur, kaom Napis jeung kaom Nodab.
Perangna bari jeung percaya ka Allah, teu tinggal ti nyambat pitulung Mantenna, tur panyambatna ku Allah dimakbul, perangna unggul bisa ngelehkeun urang Hagri jeung anu ngabantuna.
Ti musuhna ngarampas 50.000 onta, 250.000 domba, jeung 2.000 kalde, jaba tawanan perang 100.000 urang.
Musuh anu kasambut kacida lobana, nya Allah anu ngersakeun kitu. Tempat urut musuhna diandih, nepi ka maranehna sorangan engkena aya anu ngaboyong.
Kaom Menase Wetan maratuhna di wewengkon Basan terus ka kaler nepi ka Baal Hermon, Senir, jeung Gunung Hermon, lobana mangpirang-pirang.
Eper, Yishi, Eliel, Asriel, Yermia, Hodawia jeung Yahdiel, jaradi pamingpin warga masing-masing, kasohor prajurit-prajurit anu garagah.
Tapi ka beh dieunakeun maranehna jadi nirca, naringgalkeun Allah karuhunna, ngabarakti ka aallahan-aallahan bangsa-bangsa anu ku PANGERAN geus dieuweuhkeun ti dinya.
Ku sabab kitu nagarana ku PANGERAN disina dirurug ku Raja Pul ti Asur, anu kawentarkeun Tiglat Pileser tea. Kaom Rubin, kaom Gad jeung kaom Menase Wetan ku Mantenna disina diboyong ti nagarana, sina tetep renggenek di Halah, di Habor, di Hara, jeung di sisi Walungan Gosan.